[JAY] Untung Blackberry Bukan Buatan Bandung



[Bé-Ha]

Untungna Blackberry téh buatan Kanada, disingkat BB.
Sok geura, kumaha mun buatan Indonesia atawa buatan
Bandung? Pasti disebutna gé Beri Hitam atawa Beri Hideung.
Tuluyna pasti disingkat jadi BH.
Asa kurang merenah ngadanguna mun aya paguneman
ngeunaan éta BH téh. Contona baé :
"Néng gaduh BH teu ?"
"Oh, kapungkur mah gaduh, tapi BH-na ragrag.."
"Teras, BH-na dikamanakeun ?"
"Nya teu dianggo BH nu éta mah. Gentos deui ku BH anyar.."
"Seri naon BH nu ayeuna ?"
"Nu Qwerty ayeuna mah.."
"Tiasa nuhunkeun Pin BH-na ?"
"Mangga, kela.. Duh ! Halah ! BH abdi tinggaleun ditukang baso !"
Atawa kieu :
"Ih, BH téh lemot pisan.."
"Eusina pinuh teuing meureun !"
"Boa atuh, teu apal.."
"Naha maké teu apal ? BH saha kitu ?"
"BH si Komar ieu mah"
"Hebat ! Si Komar geuning maké BH ayeuna mah !"
Atawa aya salaki nu protés :
"Mah, tong nyo'o BH waé atuh, simpen heula geura BH-na.."
"Ah, disimpen ... ké di co'o geura ku papah.."
"Moal !"
"Moal..moal ! Harita, gé pan kitu.
Barina gé hayang apal waé eusi BH mamah !"
Atawa :
"Pah, BH Mamah disumputkeun nya ?"
"Duka atuh Mah, kunaon kitu ?"
"Tos tilu dinten Mamah teu nganggo BH, hilap nyimpenna dimana.."
"Pan aya dua, BH mamah nu hiji deui dikamanakeun?"
"Aya, tapi can garing. Pan hujan waé Pah..!"
"BH nu mana Mah ?"
"Nu totol-totol..."
Tuh nya, pan teu nyambung ...


banyolan urang sunda


Related Posts:

1 Response to "[JAY] Untung Blackberry Bukan Buatan Bandung"